50 Ucapan Selamat Idul Fitri dalam Bahasa Sunda Terbaik dan Populer

Selamat hari Raya Idul Fitri 1441 H (freepik.com)

Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari., Neda dihapunten kana samudaya kalepatan, bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1441 H

Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1441 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran siam Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun

Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam 1441 H

Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1441 H

Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda , mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam 1441 H

Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan.wilujeng boboran Demikian ucapan lebaran idul fitri bahasa sunda yang dapat kami berikan untuk anda semua, semoga bermanfaat dan juga bisa dijadikan media untuk saling maaf memaaafkan dihari yang fitri ini.

“Wilujeung Boboran, Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1441 H ieu. Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum”

“Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, Tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri. Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri, Wilujeng boboran Siam 1441 H. Hapunten samudaya kalepatan.”

“Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng boboran siam 1441 H. Hapunten samudaya kalepatan.”

“Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah. Wilujeng boboran siam 1441 H, Kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

“Sugrining runtah kalepatan dina manah, Nyeri peurihna ati sanubari, Mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran siam 1441 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum.”

” Ngahaturkeun wilujeung boboran siam 1 Syawal 1441 H. Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum. “